Mars Universitas Padjadjaran (Karatagan Padjadjaran)



Pajajaran lambang kamajuan
Panataran jalan narawangan
Pajajaran panyungsi pangarti
Sajatining harti nu hakiki
Pajajaran tempat nyiar elmu
Ngagayuh panemu nu saestu
Pajajaran mupuk kamekaran
Budi jeung pikiran kaahlian

Pajajaran kagurnita
Sekar arum kaagungan lemah cai
Hibar sinar nusantara
Tuduh jalan para seuweu – siwi Nagri

Pajajaran jadi panyileukan
Jiwa nu ngukuhan kaluhungan
Pajajaran ngipuk jiwa sukma
Pahlawan nagara Indonesia

Pajajaran lir cahaya gumilang
Nyingraykeun panghalang alam padang
Pajajaran mancarkeun komara
Ka mancanagara sabuana

Pajajaran pancen dharma
Gemet galem ngalaksanakeun tujuan
Cita – cita nusa bangsa
Panteng keyeng mikangen karahayuan

Comments

Post a Comment

Popular posts from this blog

Chord Gitar Beda - Andity

Pupuh Balakbak